10 Alesan Abdi Ngucap Sukur kanggo Kitab Suci nu Diilhamkeun-Allah

Ti Gospel Translations Sudanese

Luncat ka:pituduh, sungsi

Related resources
More By John Piper
Author Index
More About The Bible
Topic Index
About this resource
English: 10 Reasons Why I Am Thankful for the God-Breathed Bible

© Desiring God

Share this
Our Mission
This resource is published by Gospel Translations, an online ministry that exists to make gospel-centered books and articles available for free in every nation and language.

Learn more (English).
How You Can Help
If you speak English well, you can volunteer with us as a translator.

Learn more (English).

By John Piper About The Bible
Part of the series Taste & See

Translation by Herlina Sianturi

Review You can help us improve by reviewing this translation for accuracy. Learn more (English).


1. Kitab Suci ngabangkitkeun iman, sumber tina sagala kataatan.

Jadi iman datang tina ngadangukeun, jeung ngadangukeun wartana Kristus. (Rum 10:17)

2. Kitab Suci ngabebaskeun tina dosa.

Anjeun bakal terang naon nu saestu, jeung ku nu saestu anjeun bakal dibebaskeun. (Yohanes 8:32)

3. Kitab Suci ngabebaskeun tina Iblis.

Abdina Gusti mah ulah pasea, ka itu ka ieu kudu someah, tiasa ngajar, kudu bageur jeung sabar mun aya nu salah, mun menerkeun kasalahan lawan kudu leuleuy, sugan bae lawan teh ku Allah dikersakeun tobat daek narima kayaktian nu saestu, jeung sugan bae maranehna jadi sadar tur lolos tina jebakan setan, nu tos jadi tawanan setan pikeun ngalakukeun kainginan manehna. (2 Timoteus 2:24-26)

4. Kitab Suci nyucikeun.

Nyucikeun maranehna dina kaestuan; warta Anjeunna teh mangrupakeun kaestuan. (Yohanes 17:17)

5. Kitab Suci ngabebaskeun tina korupsi jeung ngabangkitkeun watak ilahi.

Kawasa agung Anjeunna tos mere anugrah ka urang sakabeh hal nu nyinggung kana kahirupan jeung kailahian, tina kayaktian nu saestu tentang Anjeunna nu tos nyauran urang ku kamulyaan jeung kasampurnaan Anjeunna. Kusabab eta Mantenna tos mere ka urang jangji-Na nu berharga jeung hebat, supados ku jangji eta anjeun tiasa jadi bagean tina hal-hal nu suci, kaluar tina korupsi ku hawa napsu nu aya di dunya. (2 Petrus 1:3-4)

6. Kitab Suci nyadiakeun kanyaah.

Ieu doa abdi, supados aranjeun sing beuki gede kanyaah jeung tambah kaweruh nu sayakti jeung bijaksana. (Pilipi 1:9)

Tapi tujuan parentah kami nyaeta kanyaah nu medal tina ati sanubari jeung pikiran nu caang jeung mencar tina kaikhlasan iman. (1 Timoteus 1:5)

7. Kitab Suci nyalametkeun.

Jaga diri ati-ati jeung awaskeun pangajaran anjeun; sing rajin ngalakonan hal ieu, kusabab lamun anjeun ngalakonan hal ieu anjeun bakal menangkeun jaminan kasalametan kanggo hidep anjeun pribadi jeung nu ngadangukeun piwuruk-piwuruk anjeun. (1 Timoteus 4:16)

Ku sabab eta, sim kuring nyaksikeun ka anjeun poe ieu yen sim kuring teu nanggungan kana getih sakabeh manusa. Ku sabab sim kuring tos nepikeun sakabeh tujuan Allah ka aranjeun. (Rasul-rasul 20:26-27)

[Maranehna bakal] binasa, kusabab maranehna teu narima kanyaah kaestuan nu tiasa nyalametkeun. (2 Tesalonika 2:10)

8. Kitab Suci mere kabagjaan.

Hal ieu nu abdi bejakeun ka anjeun, supaya kabagjaan abdi jadi kabagjaan anjeun, jeung supaya kabagjaan anjeun jadi lengkep sempurna. (Yohanes 15:11)

9. Kitab Suci ngingkeupkeun Gusti.

Jeung Pangeran muncul deui di Silo, kusabab Pangeran nembongkeun diri-Na ka Samuel di Silo liwat warta Pangeran. (1 Samuel 3:21)

10. Kusabab eta, Kitab Suci mangrupakeun dasar ti imah jeung kahirupan jeung palayanan jeung pengharepan abadi abdi sareng Allah.