Milarian Kabagjaan

Ti Gospel Translations Sudanese

Luncat ka:pituduh, sungsi

Related resources
More By John Piper
Author Index
More About Evangelism
Topic Index
About this resource
English: Quest for Joy

© Desiring God

Share this
Our Mission
This resource is published by Gospel Translations, an online ministry that exists to make gospel-centered books and articles available for free in every nation and language.

Learn more (English).
How You Can Help
If you speak English well, you can volunteer with us as a translator.

Learn more (English).

By John Piper About Evangelism

Translation by Herlina Sianturi

Review You can help us improve by reviewing this translation for accuracy. Learn more (English).


Genep Kayaktian nu sajalan sareng Kitab Suci

Ari anjeun teh terang yen Allah marentahkan urang sadaya pikeun bagja?

“Teangan kabagjaan di PANGERAN, angen-angen maneh ku Mantenna baris dicumponan.” (Jabur 37:4, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI)

1) Allah nyiptakeun urang kanggo kamulyaan Mantenna

“Umat Kami kudu mulang ti nu jarauh, ti unggal babagian dunya,... Kami ngajadikeun Israil teh supaya Kami dimulyakeun" (Yesaya 43:6-7, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI)

Allah nyiptakeun urang pikeun ngageungkeun kakawasaan Mantenna - siga teleskop ngageungkeun bentang-bentang. Mantenna nyiptakeun urang pikeun nempokeun sipatNa nu sae jeung bener sareng alus rupa jeung hikmah jeung kaadilan Mantenna. Tampilan nu pang ageungna tina kamulyaan Allah datang tina sagala kabagjaan nu aya di Mantenna. Ieu maksadna yen Allah meunangkeun pujian jeung urang meunangkeun kabagjaan. Allah nyiptakeun urang sadaya supados Mantenna leuwih dimulyakeun di jero urang sawaktos urang dipuaskeun di jero Mantenna.

2) Sagala manusa kudu hirup kanggo kamulyaan Allah

“Eta kieu: Urang boh dahar boh nginum, salawasna kudu reujeung maksud ngamulyakeun ka Allah” (1 Korinta 10:31, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI).

Upami Allah nyiptakeun urang kanggo kamulyaan Mantenna, tos pasti yen urang kudu hirup kanggo kamulyaan Mantenna. Kawajiban urang datang tina rancangan Mantenna. Jadi kawajiban urang nu kahiji nyaeta nuduhkeun nilei-nilei Allah kucara muaskeun diri urang ku sagala nu Mantenna sayagikeun kanggo urang. Ieu teh inti tina mikanyaah Allah (Mateus 22:37) jeung percanten ka Mantenna (1 Yohanes 5:3-4) sareng ngucap sukur ka Mantenna (Jabur 100:2-4). Hal eta teh mangrupakeun akar tina kataatan nu sajati, hususna mikanyaah sasama (Kolosa 1:4-5).

3) Sakabeh urang tos gagal ngamulyakeun Allah sakumaha kuduna urang lakukeun

“Kabeh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun” (Rum 3:23, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI).

Naon nu dimaksad “jarauh tina kamulyaan Allah?” Eta maksadna yen teu aya salah sahiji ti urang nu percanten jeung ngahargaan Allah ku cara nu bener. Urang teu puas ku kakawasaan Mantenna jeung teu ngalampah dina jalan-jalan Mantenna. Urang tos milarian kapuasan dina hal-hal nu sejenna, jeung nganggep hal nu sejen eta leuwih penting tibatan Allah, nu mangrupakeun inti tina nyembah kana ciciptaanNa (Rum 1:21-23). Kusabab dosa datang ka dunya, urang tos jero pisan nolak pikeun ngagaduhan Allah janten hiji-hijina harta nu tiasa muaskeun urang (Epesus 2:3). Hal ieu mangrupakeun hiji serangan nu pikasieuneun ka kakawasaan Allah (Yermia 2:12-13).

4) Urang sadaya mangrupakeun subjek hukuman adil ti Allah

“Upahna dosa teh maot...” (Rum 6:23, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI).

Urang tos ngaalitkeun kamulyaan Allah. Kucara kumaha? Kucara leuwih nyaah ka hal nu sejen tibatan Mantenna. Ku cara teu ngucap sukur, teu percanten jeung teu taat ka Mantenna. Jadi Allah manglaku adil dina cara meclengkeun urang tina kabagjaan ti kamulyaan Mantenna salamina. “Maranehna bakal ngarasa hukumanana, binasa salalanggengna, dipeclengkeun ti payuneun Gusti jeung ti lingkungan kakawasaana-Na anu agung” (2 Tesalonika 1:9, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI).

Kecap “naraka” disebatkeun di Perjangjian Anyar aya dua belas kali – nu sabelas kali disebatkeun ku Yesus sorangan. Hal ieu sanes hiji mitos nu diciptakeun ku pandita nu keur sedih jeung ngambek. Ieu mangrupakeun peringatan nu serieus ti Putra Allah nu pupus pikeun ngabebaskeun jalma dosa tina hukumanana. Upami urang teu nganggep peringatan ieu urang aya dina bahaya nu gede.

Upami Kitab Suci stop didieu dina analisa kondisi manusa, urang bakalan cilaka kusabab teu aya harepan kanggo masa depan. Tapina, ieu sanes tempat dimana Kitab Suci stop…

5) Allah ngirimkeun Putra tunggal-Na Yesus pikeun mere hirup jeung kabagjaan nu langgeng

“ Kalimah: Kristus Yesus sumping ka dunya pikeun nyalametkeun jalma dosa…” (1 Timoteus 1:15, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI).

Warta nu saena nyaeta Kristus tos pupus kanggo jalma dosa sapertos urang. Jeung Mantenna tos bangkit tina kapupusan pikeun mastikeun kawasa nu tiasa nyalametkeun tina pupusna Mantenna jeung pikeun mukakeun gerbang hirup jeung kabagjaan nu langgeng (1 Korinta 15:20). Ieu hartina Allah tiasa ngabebaskeun jalma dosa tina hukuman sareng tetep manglaku adil (Rum 3:25-26). “Kristus oge nepi ka pupus teh lantaran dosa manusa kabeh. Anjeunna nu tanpa dosa nalangan nu daroraka, malar iasa ngadeuheuskeun manusa ka Allah” (1 Petrus 3:18, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI). Sumping ka Allah mangrupakeun tempat dimana sagala kapuasan nu jero tur langgeng tiasa dipendakan.

6) Kauntungan nu tos dibeuli ku pupusna Kristus milik sakabeh jalma nu tobat jeung percanten ka Mantenna

“Ku sabab kitu ayeuna aranjeun teh kudu tarobat, kudu marulang deui ka Allah sangkan ku Mantenna dihampura” (Rasul-rasul 3:19, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI). “Kudu percaya ka Gusti Yesus, tangtu Anjeun salamet” (Rasul-rasul 16:31, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI).

“Tobat” maksadna malik tina sakabeh jangji palsu dosa. “Iman” maksadna jadi puas ku sagala nu Allah jangjikeun ka urang di jero Yesus. “Anu percaya ka Kami,” Saur Yesus, “moal nyorang halabhab deui” (Yohanes 6:35, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI). Urang henteu neangan sorangan kasalametan. Urang teu pantes meunangkeunana (Rum 4:4-5). Kasalametan teh dimeunangkeun ku asih kurnia tina iman (Epesus 2:8-9). Kasalametan teh hadiah (Rum 3:24). Urang bakal gaduh kasalametan eta upami urang ngahargaanana leuwih ti sagala hal (Mateus 13:44). Sawaktos urang ngalakukeun kitu, tujuan Allah dina ciptaana-Na direngsekeun: Mantenna dimulyakeun di jero urang jeung urang dipuaskeun di jero Mantenna – salamina.

Ari hal ieu teh kahartos ku anjeun?

Anjeun hoyong kabagjaan ieu nu datang tina kapuasan ku sagala nu Allah sayagikeun kanggo anjeun di jero Yesus? Upami bener kitu, Allah keur gawe dina hirup anjeun.

Naon nu kudu anjeun gawekeun?

Malik tina jangji palsu dosa. Menta Yesus pikeun nyalametkeun anjeun tina kasalahan jeung hukuman jeung iketan. “Saha-saha anu sasambat neda pitulung ka Mantenna tangtu disalametkeun” (Rum 10:13, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI). Mimiti nyimpen harepan anjeun ka sagala nu Allah sayagikeun kanggo anjeun di jero Yesus. Hancurkeun kawasa jangji dosa ku iman dina kapuasan nu leuwih ageung ti jangji Allah. Mimiti maca Kitab Suci pikeun manggihan jangji-jangji Mantenna nu berharga tur hade, nu tiasa ngabebaskeun anjeun (2 Petrus 1:3-4). Teangan hiji gereja nu percanten-ka Kitab Suci sareng mimiti nyembah Allah jeung tumbuh babarengan sareng jelema sejen nu nempatkeun Kristus leuwih ti sagala hal (Pilipi 3:7).

Warta nu sae di dunya nyaeta teu aya masalah antara kabagjaan urang sareng kasucian Allah. Janten puas sareng sagala nu Allah sayagikeun kanggo urang di jero Yesus ngageungkeun Mantenna jadi Harta nu panghadena.

“Gusti baris nuduhan jalan nu brasna kana hirup; aya di payuneun Gusti hate pinuh ku kabingahan, sareng kasenangan salalamina.” (Jabur 16:11, Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten, LAI).